Tilu Perkara Jalan Urang Nepi Ka Alloh

Ringkesan Ceramah Kiayai Muhyiddin Abdul Qodir 


Diantara jalan urang pikeun nepi ka Alloh, kudu ngambah tilu perkara :

1. Sare’at (nyepeng pageuh kana hukum/undang-undang Alloh)
2. Hakekat (ngaapikan tina sare’at : saperti waro ngalap cukup ku barang sakedik)
3. Tarekat (jalan nu dipake pikeun ngadugikeun diri ka Alloh)

Eta sadayana tiasa dugi ka kenging nur ma’rifat (cahaya ma’rifat )

Ciri jalma anu beriman antara lain daek tutup orat. Ari ditiung lain ciri haji, lain ciri santri tapi ciri jalma anu iman. Dawuhan Junjunan Rosululloh SAW:

“Ari kasampurnaan jelema anu beriman nyaeta dimana-mana eta jalma ngalakukeun perkara anu leuwih penting.”

Ciri-ciri jalma nu cinta :

1. Ati nganteng / ngait salilana kanu jadi kabogohna.
2. Jelema anu cinta mah sok gede timburuan.
3. Rela berkorban demi kabogohna. Berkorban naon bae najan harta, waktu, bahkan nyawa dikorbankeun demi kabogohna.
4. Tara pamrih, teu ngaharep pamere kabogoh, hayangna teh mere lain hayang dibere ku kabogoh.
5. Tara wani nyieun laku anu matak jadi ngewa ka kabogohna.
6. Sakabeh gerak-gerik hayang kaanggo ku kabogoh.
7. Kasalahan saeutik dina diri urang sok diangap gede.
8. Dimana dibere ku kabogoh najan saeutik dianggap berharga / dianggap gede artina jang dirina.
9. Leungit kanyeri.
10. Teu susah dipenta.
11. Euweuh kakeueung.

Tah eta ciri na cinta diluhur teh ngacik ka diri jalma anu keur mikabogoh ka hiji jalma. Pon kitu deui para wali-wali Alloh nu tos cinta ka Alloh ka Rosul mah pasti sami sapertos kitu malah kanggo aranjeuna mah langkung ti batan kitu. Kukuh pengkuh istiqomah nu teu kaudag ku jalma-jalma awam model urang ieu dina roja sareng khouf na dina ibadahna ka Alloh ka Rosul, sehingga kenging martabat anu luhur dimungguheuna Alloh sareng Rosulna, malah mandar balik dipikacinta ku Alloh ku Rosul.

Bahan tafakuranneun kanggo urang sadaya mun enya urang hoyong bagja dunya akheratna.

Mugi gusti ngarizkian kaabdi sadaya kanggo tiasa kumaula ka Alloh ka Rosulna sing sapertos para wali-wali Alloh nu siang sareng wengina pinuh ku warnaning ibadah ka Mantenan nana Alloh. 

Aamiin Ya Robbal Alamin!

*http://majlisasysyifaa.wordpress.com/2010/02/09/rutinan-pangaduan-heubeul-salasa-19-juni-2001/

Tidak ada komentar