Perkara Sorban Jeung Gamis

Perkara Sorban Jeung Gamis - Ringkesan Ceramah Kiayai Muhyiddin Abdul Qodir

 
Ringkesan ceramah Syaikhona Bapak Kyai tentang Hadits Kangjeng Rosululloh S.A.W.  :

“an nikahu sunnati famanroghiba an sunnati falaisa minni”

Hartosna wallohu’alam bimurodihi bizalika : ” Ari nikah eta adat kabiasaan Kaula (Kanjeng Rosul S.A.W.)  mangka sing saha bae jalmana anu ngewa kana adat kabiasaan  kaula mangka moal aya eta jalma teh ti golongan Kaula (Kanjeng Rosul S.A.W.)“

Dizaman kiwari sok seueur pisan nu kalepasan nyebatkeun yen nanaonan make sorban, make gamis, make ngawur-ngawur zam-zam kanu awak sagala eta mah lain adat urang tapi adat urang arab. Padahal ku hadits nu tadi tos jelas pisan matak pikapaureun lamun ku urang ditelek-telek mah. Ari ngangge sorban ngangge gamis, di cela teras ngawur-ngawur cai kana awak eta sadayan kitu teh adat kabiasaan Junjunan urang sadayana Kangjeng Rosululloh S.A.W.

Lamun urang ngewa sok komo ari jeng nyeceleh tur ngaledek mah mangka eta jalma teh bisa asup kana nu disebutkeun ku hadits nu tadi moal mungkin diasupkeun kana golongan atawa abringan nana Kangjeng Rosul S.A.W. Eta hal teh matak mangpaurkeun pisan dizaman kiwari ku lobana jalma nu model kitu.

Salah sahiji solusina lamun urang moal ngangge kana eta adat kabiasaan Kangjeng Rosul S.A.W. poma ulah rek ngewa sautik eutik acan, cukup ku cicing wae we soalna bisa bahaya dunia jeung akheratna.

Eta hadits henteu mung saukur ngabahas bab nikah wungkul tapi sagala hal sesuatu tentang adat kabiasaan Kangjeng Rosul S.A.W. Tah ieu kabiasaan teh sok diangge ku para ulama-ulama Alloh di zaman kiwari teh tapi sok seueur pisan jalma nu ngewa malah mah sok pada goreng sangka nu sok dianggo ku para Ulama. Hiji hal we dina bab ngawayuh sok seueur pisan nu nentang na padahal ari ulama mah tos lebet syarat-syarat na dina ngawayuh.

Tah ieu hadits teh sabenerna nunjukeun pikeun urang sadayana dina kaagunganna pangkat Junjunan Kangjeng Rosuk nu di mungguh Alloh oge di sadaya alam. Naon sababna nyaeta sakur-sakur jalma anu nurut, nyonto terus ngangge kana naon bae akhlak Rosul saperti tuang leueut, anggoan, gerak gerik na, cara kulem na, cara tuangna jeung sajabana  anu hak saur elmu syar’i (maksudna contoh saperti nikah langkung ti 4 eta teu hak diconto ku jalma sabab eta mah khususiat we kanggo Nabi wungkul) pikeun kabeh jalma mangka eta teh bisa ngahasilkeun ganjaran. Alloh mikaridho pikeun jalma anu model kitu, terus ke eta jalma  teh pasti meunang pembelaan Kangjeng Rosul S.A.W.

Moal aya di alam dunya ieu nu tiasa sapertos Junjunan Kangjeng Rosul S.A.W. dina sagala hal sok sanajan eta jalma teh boga pangkat kadunyaan luhur terus jalma nyonto kadinya, mangka moal matak jadi ganjaran pikeun eta jalma.
Wallohu’alam.

*http://majlisasysyifaa.wordpress.com/2010/07/23/pangaosan-di-nangewer-sumedang/

Tidak ada komentar